NYERENKEUN

-->
 NYERENKEUN PANGANTEN


BISSMILAHIROHMANIROHIM
ASSALAMU ALAIKUM WAROHMATULOHI WABAROKATUH

Alhamdulilah.Alhamdlilahiladzi hadanalihada  wamakunalinahtadiya laola an hadanlloh
Asyhaduala illaha illaloh wasyhaduna Muhamadan  abduhu aladzi lanabia badah
Allohuma syoli alla Muhammad  waala alihi washobihi ajmain.
 Audzubilahi minasyaithonirojim
 
wamin aayaatihi an khalaqa lakum min anfusikum azwaajan litaskunuu ilayhaa waja'ala baynakum mawaddatan warahmatan inna fii dzaalika laaayaatin liqawmin yatafakkaruuna

Cunduk waktu nurahayu
Ninggang mangsa nuwalaya
Nitih wanci numustari
Melati ligarna ati
Campaka mangkak nadada
Balebat mangsana miang
Nyampeur kadeudeuh dina handeuleum sieum
Neang kanyaah dina hanjuang siang
Neundeun miceumceum ,nunda rasa buah ktresna.
Rambay jadi rangguey pameungkeut kadeudeuh
Natat nagurat nyukcruk galur sunah Rosluloh.
Pasini patali ati subaya urang nyatakeun.

Langkung tipayun sumangga urang sami-sami manjakeun puji miwah syukur ka hadirhot Allah Swt.
Anumana mantena kaurang sdayana parantos maparin sanes kanten rupi nikmat, diantawisna nyaeta nikmat sehat,nikmat panjang yuswa anu utamina deui nyaeta nikmat iman sinareng Islam.
Dugi ka tug dinten ayeuna syukur Alhamdulilah urang tiasa sasarengan kempel riung mungpulung pamprok jonghok patepang pameunteu dina raraga ngaluuhan pangulemna pun………………………………anu mudah2an ku sumpingna urang sadaya ,mugia dicatat ku Allah sebagai amal ibadah nu dipikaridho ku Mantena. Aamiin…………….
Sabadana manjatkeun puji sinareng syukur ka hadirhat Allah Swt,mugia solawat sinareng salam salamina dicurahkeun ka junjunan alam , nyatana habibana wanabiyana Muhammad Saw. Oge ka keluargina, kapara sahabat tur ka umatna,nu tumut sareng taat kana pangajak mantena dugi kayaumal akhir.

Para Ibu ,bapa miwah sepuh anu sami-sami hormateun simkuring

Kalayan asmana tikeluarga bakal panganten pameget.simkuring ngahaturkeun sewu nhun laksaketi kabingahan, ka kadang wargi sadayana anu parantos ngahormat klayan nyalikeun simkuring sareng rombongan dina tempat anu sakieu genahna, beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana kedah kumaha pibasaeunana kanggo ngabales kasaean kadang wargi didieu, ha lieu urang sanggakeun wae kanu maha kawasa anu baris ngabalesna ,mudah2an Mantena nampi kalayan ngabales ku rupi2 imbalan nu manglipat ganada. Aamiin……….
Oge teu hilap simkuring katut rombongan neda sihapunten anu kasuhun, bilih aya tata titi bahasa prayoga nu kinten2na ki rang sapagodos sareng manah para wargi didieu, neda tiasa ngalunturkeun manah bilih aya anu nyangreud kana kalbu nu janten matak bendu dina sagala rupi kakiranganana.

Jauh jauh dijugjug anggang-anggang diteang, maksadna teu aya sanes, ieu pun anak bade ngabuktoskeun kesetianana anu parantos pasini dibadantenkeun dina sababaraha waktos kapengker, yen dina dinten ayeuna pisan simkuring ti atas napi keluarga bakal panganten pameget, bade nyanggakeun pun anak anu wastana : jang……….kanggo didahupkeun sareng neng……putra bapa/ibu ………dina dinten ayeuna pisan.Namung sateuacana ieu pun anak disanggakeun kapayuneun bapa sinareng ibu didieu, boh bilih awal akhir ngaraos kadahung …! teu aya lepatna ku simkuring bade dibalakakeun kaayaan pun anak anu seleresna.
Pun anak teh :

1.     Teu acan aya pangalaman dina masalah rumah tangga
2.    Tuna harta tuna harti
3.    Sok gaduh kabiasaan
Mun dicabok sok ngagowak
Mun nganjang sok hayang langsung gek   am

Mun sare sok hayang  lansung  gek cle

Tah ku kukakirangan eta……….mangga nyanggakeun ieu pun anak kapayunun ibu sinareng bapa ,kanggo di dahupkeun dina dinten ieu keneh sareng tuang putra nu wastana Neng ………………….
Mung si hapunten anu kasuhun , tadi ge tos disebatkeun yen pun anak teh teu harta teu harti, sumping kadieu teh teujangjang-jingjing naon-naon, saurparipaosna satapatapa keupat kitu ge mung ngabantun bedog mintul asaheun bari teu dicarangkaan, mudah2an wae ibu sinareng bapa dieu-dieu masihan picarankaeunana.
          Sakali deui mangga nyanggakeun pun anak katutut cacandakanana mugia ibu sareng bapa katun c eneng tiasa nampi. Mudah2an aya manfaatna. Aamiin………
Sakitu anu tiasa didugikeun…………Sihapunten anu kasuhun dina sagala rupi kakiranganana. Tutus halus kepang halang, Neda agung cukup lumur neda jembar pangampura. Billahitaufik walhidayah. Wasalamu alaikum Warohmatulohi Wababrokatuh.

Komentar